lets GO BLOG!!!
Oke, kali ini aku mau bahas tentang tempat dimana aku besar, khususnya kecamatanku, Warungkondangku rindang, terbayang. Yaa kecamatan ini kecamatan yang aku tempati bersama keluargaku, kecamatan yang aku cintai, aku banggakan.
Langsung aja yaa kita mulai, ini dia bahasan tentang Warungkondang buat kalian tapi, pake bahasa Sunda yaa biar estu pisan pituin cianjurna teh hehehe
“Beungharna Kacamatan
Warungkondang”
Saur
batur mah Kabupaten Cianjur teh katelah ku taucona, ku beas pandanwangina, ku
manisanna jsb. Malih upami ditengetan
deui mah masih keneh seueur kadaharan khas Cianjur anu tos kawentar ka
masarakat nasional oge ka masarakat mancanagara. Seueur patempatan-patempatan
di wewengkon Kabupaten Cianjur anu ngagaduhan hal-hal diwidang kabudayaan oge
katuangan anu tos kamashur kamana-mana.
Di
Wewengkon Kabupaten Cianjur aya salah sahiji kacamatan anu ngagaduhan
kabudayaan
dina widang industri oge katuangan, nyaeta kacamatan Warungkondang. Kacamatan ieu ngagaduhan sababaraha kabudayaan boh tina industrina, satona, oge katuanganna. Kabudayaan ieu taya sanes kabudayaan anu ngagaduhan ajen-inajen nu kalintang ageungna. Ieu kabudayaan teh perlu dipikawanoh, dipikaresep, tur dipikadeudeuh ku masarakat khususna Warungkondang Cianjur, umumna Indonesia oge ka masarakat mancanagara supados teu leungiteun jati dirina.
dina widang industri oge katuangan, nyaeta kacamatan Warungkondang. Kacamatan ieu ngagaduhan sababaraha kabudayaan boh tina industrina, satona, oge katuanganna. Kabudayaan ieu taya sanes kabudayaan anu ngagaduhan ajen-inajen nu kalintang ageungna. Ieu kabudayaan teh perlu dipikawanoh, dipikaresep, tur dipikadeudeuh ku masarakat khususna Warungkondang Cianjur, umumna Indonesia oge ka masarakat mancanagara supados teu leungiteun jati dirina.
Di Wewengkon Kacamatan
Warungkondang seueur mangrupi-rupi kabudayaan tina sagala widang diantawisna
nyaeta, manisan ti Cijoho, lampu gentur ti gentur jambudipa, peci ti Gentur,
Beas pandanwangi ti Ciwalen, hayam pelung ti Cipadang/ti Bunikasih, oge lauk emas
ti Ciawitali Warungkondang anu tos kamashur kamana-mana. Eta kabudayaan teh
mangrupikeun aset kacamatan Warungkondang,oge janten bahan kanggo para
wisatawan anu kadang-kadang nalungtik ka eta patempatan. Nyanghareupan kana eta
kabudayaan, masarakat Warungkondang oge Bapa Camat Warungkondang ngaupayakeun
supados eta kabudayaan teh teu saukur ngaranna hungkul nu Ngadeg teh, tapi kudu
dibarengan ku bandana sangkan eta aset teh teu leungiteun obor.
Upami ditalungtik, ditata-titi,
sa Kacamatan Warungkondang teh kalintang pohara lobana kabudayaan anu ageung
ajen-inajenna. Ngan hanjakal, tos seueur
kabudayaan anu aya di Kacamatan Warungkondang anu tinggal ngaranna hungkul
saperti hayam pelung ti Cipadang. Upami ditengetan, hayam pelung ti Cipadang
teh tinggal 1-5 deui. Kusabab jaman ayeuna coco’oan jalma jalma nu beunghar teh
pindah asalna tina hayam pelung robah janten mobil-mobil eropah nu leucir,
ginding, naek martabat upami tos calik dina eta mobil teh cenah, oge anu mahal
tur kamashur, komo kalintang sae pisan modelna.
Ku kituna supaya eta kabudayaan
khususna khas Sunda teh ulah dugika tinggal ngaranna hungkul. Urang salaku
masarakat Sunda anu ngagaduhan eta banda teh kedah ngamumule,miara, oge
mekarkeun kana eta kabudayaan anu kalintang ageung ajen-inajenna. Anu dipiharep
ku urang sadaya nyaeta eta kabudayaan teh sangkan ulah nepika leungit ti Tatar
Priangan.
1 komentar:
Tulisannya bagus :)
Posting Komentar